Langsung ke konten utama

Lirik Lagu Budak Ayeuna - B'Southgank (Hip Hop Sunda)

Lirik Lagu B'Southgank - Budak Ayeuna (Hip Hop Sunda)


Artis : B'Southgank
Judul Lagu : Budak Ayeuna
Diciptakan Oleh : -
Album : Hip Hop Sunda Budak Ayeuna

B'Southgank - Budak Ayeuna
Lagu Budak Ayeuna atau dalam bahasa Indonesia Anak Jaman Sekarang, merupakan lagu hip hop dari B'Southgank hip hop sunda dari Rangkasbitung. Lagu ini hampir sama dengan Lagu Ecko Show Kids Jaman Now, berisi tentang sindiran kepada anak anak sekarang yang dewasa sebelum waktunya, masih kecil sudah pacaran layaknya orang dewasa. Berikut Lirik Lagu Budak Ayeuna dari B'Southgank.
Lihat juga lagu terkait lainnya : Lil B Jay - Awewe Lieur
Berikut ini adalah selengkapnya Lirik Lagu Hip Hop Sunda Budak Ayeuna

B'Southgank - Budak Ayeuna
B'Southgank - Budak Ayeuna


B'Southgank - Budak Ayeuna

Leutik keneh geus bobogohan
SMS, nelepon sampe ngajak ketemuan
Budak ayeuna kokolooteun
Budak ayeuna piseurieun

Leutik keneh geus ngome BB
Android, tablet, sapopoe nyekel hp
Budak ayeuna maruriang
Budak ayeuna loba kahayang

Cing coba tingali budak ayena
Ges loba anu nyasab salah jalan pendek mikirna
Dewasa can waktuna, baleg menang maksakeun
Teu kaur nempo TV pastina hayang nuturkeun

Beda jeung baheula keur masih jaman jaman urang
Ulin di sawah bari bebelokan ngala hurang
Sok, hayu tingali nongkrong di jalan
Loba anu mojok duduaan popoekan

Budak ayeuna hirupna geus ngatur sorangan
Karitu karieu teu puguh kana kalakuan
Sagala dipakean, sagala diomean
Luntur kaimanan poho kana kawajiban

Wanci ngapalkeun kalah sibu ngomean handphone
Wayahna sakola maneh sibuk ngobrol sinetron
Woy, maneh kunaon? Maneh muriang?
Padahal letik keneh tapi hirup ges ngoleang

Leutik keneh ges bobogohan
SMS, nelepon sampe ngajak ketemuan
Budak ayeuna kokolooteun
Budak ayeuna piseurieun

Leutik keneh geus ngome BB
Android, tablet, sapopoe nyekel hp
Budak ayeuna maruriang
Budak ayeuna loba kahayang

Budak laleutik ayena kurang jampe jampe
Karak hudang sare kalah neangan hp
Lain ngadoa ka gusti Allah anu di luhur
Ges sukur masih dibere panjang umur

Ieu mah hadaeuh, ngagaleong
Kangeunahan dihuapan malikna otakna kosong
Nu aya halulap bae dititah ku kolot jejebris
Ulah diturutan nya, nu kasep, nu geulis

Komo keun budak moal jauh tina jaman
Ayeuna kabehan jadi maruriang
Jadi kokoloten padahalmah can waktuna
Dewasa karbitan sasapoe gaul lobana

Kancolah tipeuting alahbatan ucing gering
Loba ngahayal jadi artis bari ngising
Awak dewasa tapi otakna murangkalih
Sok hayu malikir lamun da jauh tos salah pilih

Leutik keneh geus bobogohan
SMS, nelepon sampe ngajak ketemuan
Budak ayeuna kokolooteun
Budak ayeuna piseurieun

Leutik keneh geus ngome BB
Android, tablet, sapopoe nyekel hp
Budak ayeuna maruriang
Budak ayeuna loba kahayang

Coba pikir pikir inget inget jauh ka tukang
Jaman urang leutik mah teu acan wani ngahutang
Can aya BB Android, can bisa ngomong sayang
Can bisa nu ngarana ngome tablet bari ngadapang

Jajanna sapopoe anu gagah palin enak mah
Ngiumna es kebo harga saratus tapi puas
Tapi budak ayeuna ges bisa make tengtop
Bari nonton tilu gp dihareupeun laptop

Lieur pisan ningalina kadang hayang neke etik
Tapi da kumaha ngarana ge budak leutik
Osook ceurik lamun diusik antepkeunlah ameh anteng
Asalkeun ulah ngelmu hideung komo deiu gede beteung

Sabab eta kolot ulah nurutkeun
Kahayang budakmah kadang osok ngeselkeun
Budak kudu mikir kolotna kudu pinter
Budak ayeuna kudu dijaga ameh bener

Leutik keneh geus bobogohan
SMS, nelepon sampe ngajak ketemuan
Budak ayeuna kokolooteun
Budak ayeuna piseurieun

Budak keneh geus ngome BB
Android, tablet, sapopoe nyekel hp
Budak ayeuna maruriang
Budak ayeuna loba kahayang

Leutik keneh geus bobogohan
SMS, nelepon sampe ngajak ketemuan
Budak ayeuna kokolooteun
Budak ayeuna piseurieun

Budak keneh geus ngome BB
Android, tablet, sapopoe nyekel hp
Budak ayeuna maruriang
Budak ayeuna loba kahayang
Catatan: Blog Mabes Lirik ini hanya memuat lirik lagu beserta informasi dari lagu yang bersangkutan tersebut. Kami TIDAK berbagi link download lagu mp3.